Laman

Selasa, 03 Mei 2016

MANASIK UMROH

MANASIK UMROH
KH. MUHAMMAD (AMA BATU KURUNG) PENULIS; HM. SUKARNO

I.                   ARI RUKUN UMROH ETA AYA 5 (lima ) RUPI

1.      Ihrom, Nyaeta niat: pokna “ Nawaetul umrota wa ahromtu biha “ seja kaula ngala umroh sareng ngalaksanakeun ihromna umroh nyaeta; ngajauhan tina; paharaman–paharaman umroh .
2.      Thowaf, nyaeta: ngurilingan ka’bah 7 kuriling anu yakin
3.      SA`I,nyaeya: Leumpang antara Sofa jeung Marwah 7 balikan anu yakin
4.      Di cukur/Tahalul yaeta: Ngilangkeun rambut paling sa-eutik 3 lambar
5.      Tartib dina sakabeh rukun. Kayaning mayunkeun ihrom, sa atosna ihrom tuluy thawaf, sa atosna thawaf tuluy SA`I, sa atosna SA`I tuluy di cukur, tah eta teh di ngaranan tartib .

II.                ARI WAJIB UMROH ETA AYA 2 (DUA) RUPI

1.      Ihrom tina miqot
2.      Ngajauhan paharaman-paharaman Ihrom

III.             Ari paharaman-paharamanihrom eta aya 10 rupi ;

1.      Haram nganggo anu nyarung pikeun lalaki, haram nganggo sarung tangan pikeun awewe
  1. Haram nutup sirah pikeun lalaki, haram nutup beunget pikeun awewe.
  2. Haram nganggo seuseungitan pikeun lalaki jeung awewe.
  3. Haram nganggo lisah, lisah naon bae kana rambut sirah atawa janggot atawa godeg, pikeun lalaki jeung awewe.
  4. Haram ngaganggu buburonan pikeun lalaki jeung awewe.
  5. Haram akad nikah pikeun lalaki jeung awewe.
  6. Haram zima pikeun lalaki jeung awewe.
  7. Haram mukadimah zima kalalaki jeungka awewe.
  8. Haram ngilangkeun rambut, rambut naon wae,pikeun lalaki jeung awewe.
  9. Haram ngilangkeun kuku pikeun lalaki jeung awewe.
-           Jadi di mana-mana urang keur ihrom,ngarumpak kana salahsahiji paharaman-paharaman ihrom, maka sah ihromna, jadi Umrohna ngan wajib mayar DAM .nyaeta: kubeas sa Mud, kajaba ngarumpak paharamanana 3 kali tuluy-tuluy dinasatempat, maka etamah wajib Mayar DAM anu disampurnakeun, nyaeta: meuncit domba 1.
-           Kajaba ku ZIMA, etamah batal ihromna teu jadi Umrohna ngan wajib kudu di sampurnakeun ihromna, sarengwajib di kodoan, sareng deui wajib DAM, nyaeta DAM NA , “DAM MUROTAB MU`ADAL” .
-           Ari hartina murotab; nyaeta: ditartibkeun, kayaning; ulah waka midamel DAM anuka 2,3,4 lamun masih mampuh keneh anu ka 1, jeung kitu keneh saterusna.
-           Ari hartina mu`adal nyaeta; di bandingkeun/disaruakaeun antara DAM anuka 1,2,3,4. Tea.
-           Maka DAM naWajib meuncit onta 1. Lamun teu mampu meuncit onta atawa teu aya ontana, maka di gentian ku meuncit sapi 1, jeung saterusna meuncit domba 7 Tuluy-tuluy, terus kubeas sahargaeun hiji onta, terus ku puasa sabing-bilangan beas sa MUD sa poe.

IV.             ARI WAJIBNA THOWAF ETA AYA 10 (sapuluh )

  1. Kudu nutupan aurat
  2. Suci tina najis
  3. Suci tina hadast leutik jeung hadast gede
  4. Kudu ngencakeun ka`bah
  5. Kudu 7 kurilingan anu yakin
  6. Kudu ngawitan tina ajar aswad, kayaning taktak kenca teh kudu lempeng  kana hajar aswad
  7. Kudu jeroan masjidil haram
  8. Kudu niat thowaf, lamun thowafna lain thowaf haji,lain thowaf umroh,missal; T. qudum,T. wida,atawaT. sunat
  9. Kudu luareun ka`bah,luareun sadarwan,luareun hijir ismail
  10. Ulah aya shorif.

V.                ARI WAJIBNA SA`I ETA AYA LIMA

1.      Kudu ngawitan tina shafa
2.      Nga’akhirkeun di marwah
3.      Kudu 7 balikan anu yakin
4.      Henteu kaluar tina pangsa`ian

5.      Kudu saba’da thowaf anu syah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar