Laman

Selasa, 03 Mei 2016

MANASIK HAJI

(SILAHKAN DI FOTOCOPY RIDHO LILLAHI TA’ALA)

MU`ALIF; KH. MUHAMAD ( AMA BATU KURUNG CIANJUR )
PENULIS; HM. SUKARNO

I.       ARI HAJI ETA AYA TILU (3) RUPI, Nyaeta;
1.      Haji Ifrod
2.      Haji Qiron
3.      Haji Tamattu

~Ari ngaran Haji Ifrod, nyaeta; mayunkeun Haji, mungkurkeun Umroh.
~Ari ngaran Haji Qiron, nyaeta; nyarengkeun Haji sareng Umroh.
~Ari ngaran Haji Tamattu, nyaeta; mayunkeun Umroh mungkurkeun Haji.

Ngan ari Haji Qiron sareng Haji Tamattu mah, eta wajib kudu mayar DAM. DAM na, DAM tarkul mikot, nyaeta; DAM na di ngaranan DAM Murotab Mukodar. Mangka DAM na wajib meuncit DOMBA hiji anu cukup di pake Qurban. lamun teu mampuh meuncit domba, atawa teu aya dombana, mangka di gantian ku puasa 10 poe, anu 3 poe puasa di mekah bari ngala Haji, anu 7 poe puasa di imah  lamun tos balik ka imah, teu kenging tuluy-tuluy.
Kajaba lamun Ihrom Haji na balik deui kana mikot anu di anggo Ihrom Umroh tadi, atawa balik deui kana mikot afaqi mana wae salian ti mikot Umroh, eta mah teu wajib DAM .

II.          ARI RUKUN HAJI ETA AYA GENEP (6) RUPI, Nyaeta;

1.      Ihrom, yakni; niat. pokna “ NAWAETUL HAJJA WA AHROMTU BIHI “
2.      Wukuf di ‘Arafah yakni; cicing di ‘Arafah dina waktuna sok sanajan bari ngaliwat
3.      Thowaf, nyaeta; ngurilingan Ka`bah 7 balikan anu yakin .
4.      Sa`i, nyaeta; leumpang (lari kecil) di antara bukit Shafa jeung Marwah 7 balikan anu yakin.
5.      Di Cukur, nyaeta; ngagunting rambut paling sa-eutik 3 lembar
6.      Tartib fi ma`domil arkan. (tegesna tartib tina gegedena rukun )
-          Kayaning; mayunkeun Ihrom, mungkurkeun anu opat, nyaeta: Wukuf di A’rafah, Thowaf, Sa’i, Di Cukur.
-          Manyunkeun Wukuf di ‘Arafah, mungkurkeun anu tilu, nyaeta: Thowaf, Sa’i, Di Cukur.
-          Anapon ari anu tilumah, nyaeta: Thowaf, Sa’i, Di Cukur, etamah heunteu wajib tartib.
-          Malah ari Sa`i mah kenging di pidamel sa memeh Wukuf di ‘Arafah saba`da  Thowaf qudum..
-          Nya kitu deui Thowaf sareng di Cukur kenging midamel Di Cukur heula, tuluy Thowaf.

III.             ARI RUKUN UMROH ETA AYA LIMA (5) RUPI, Nyaeta;

1.      Ihrom, yakni niat, pok na “Nawaetul Umrota wa ahromtu biha“ seja kaula ngala Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Umroh nyaeta; ngajauhan tina; paharaman–paharaman Umroh .
2.      Thowaf .
3.      Sa`i,
4.      Di cukur .
5.      Tartib dina sakabeh rukun. Kayaning mayunkeun Ihrom, sa-atosna Ihrom tuluy TThowaf, sa-atosna Thowaf tuluy Sa`i, sa-atosna Sa`i tuluy Di Cukur, tah eta teh di ngaranan tartib .
IV. ARI IHROM ETA AYA LIMA (5) RUPI, Nyaeta;
  1. Ihrom Haji, pok na “Nawaetul hajja wa ahromtu bihi“ seja kaula ngala Haji sareng ngalaksanakeun Ihromna Haji, nyaeta ngajauhan tina paharaman-paharaman Haji.
  2. Ihrom Haji Qiron, pokna “Nawaetul hajja wal umrota wa ahromtu  bihima“ seja kaula ngala Haji sareng Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Haji jeung Umroh, nyaeta ngajauhan tina paharaman–paharaman Haji sareng ngajauhan tina paharaman-paharaman Umroh.
  3. Ihrom Umroh. poka “Nawaetul umrota wa ahromtu biha“ seja kaula ngala Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Umroh, nyaeta; ngajauhan tina pahraman-paharaman Umroh.
  4. Ihrom Tasbih, pokna “AHROMTU KA IHROMI JAEDIN“ Ihrom kaula secara Ihromna kijaed.
  5. Ihrom Mutlak. pokna “AHROMTU IHROMAN MUTLAKON“ Ihrom kaula ku ihrom mutlak.

Ngan ari Ihrom mutlak mah dimana mana tos dugi ka tanah suci, urang ulah waka midamel Thowaf sehingga kudu di tangtukeun heula Ihrom urangna. Ima bade di jieun Ihrom Haji tuluy Thowaf  qudum, saba`da Thowaf qudum, kenging midamel Sa`i rukun Haji. atawa di pidamel Ihrom Umroh, tuluy Thowaf Umroh, Sa`i Umroh, Di Cukur Umroh tuluy tahalul.

V.    ARI WAJIB HAJI ETA AYA GENEP (6) RUPI, Nyaeta;


  1. Ihrom tina mikot. Jadi dimana-mana Ihrom tos ngalangkung tina mikot, mangka sah Ihromna jadi Hajina ngan wajib mayar DAM. ku sabab tinggal kana kawajiban Haji. DAM na, DAM tarkul mikot, nyaeta; DAM na di ngaranan DAM Murotab Mukodar. Mangka DAM na wajib meuncit DOMBA hiji anu cukup di pake Qurban. lamun teu mampuh meuncit domba, atawa teu aya dombana, mangka di gantian ku puasa 10 poe, anu 3 poe puasa di mekah bari ngala Haji, anu 7 poe puasa di imah  lamun tos balik ka imah, teu kenging tuluy-tuluy.
  2. Nginap di Muzdalifah dina wengian lebaran. Jadi dimana-mana heunte ngawengi di Muzdalifah dina wengian lebaran, mangka syah Ihromna, jadi Hajina, ngan wajib kudu mayar Dam kusabab tinggal kana kewajiban haji. Dam na dam Tarofuh bi tarkil wujub, mangka Dam na dingaranan Dam Muhoyar Mukodar.
  3. Ngabalang zumrotul aqobah dina wengian atawa poean lebaran. Jadi dimana-mana heunte Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah dina wengian atawa poean lebaran, mangka syah Ihromna, jadi Hajina, ngan wajib kudu mayar Dam, kusasab tinggal kana kewajiban haji. Ngan dimana-mana heunteu kaburu Ngabalang Zumrotul ‘Aqobqh dina wengian lebaran/atawa poean lebaran, mangka eta meunang Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah dipidamel dina wengian atawa poean tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, bari eta teh hukumannana Ada lain Qodo.
  4. Nginap di Mina, dina wengian tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, lamun nafarna nafar sani. atawa dina wengian tasrek ka 1, tasrek ka 2, lamun nafarna nafar awal.
  5. Ngabalang zumroh anu tilu, nyaeta;            1. zumrotul ula,
2. zumrotul  wusto,
3. zumrotul a`qobah
Dina poean tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, lamun nafarna nafar sani, atawa dina poean tasrek ka 1, tasrek ka 2, lamun nafarna nafar awal .
6.      Ngaraksa tina paharaman–paharaman Ihrom.



Ari paharaman-paharaman ihrom eta aya sapuluh (10) rupi, Nyaeta;

  1. Haram nganggo anu nyarung pikeun lalaki, haram nganggo sarung tangan pikeun awewe .
  2. Haram nutup sirah pikeun lalaki, haram nutup beungeut pikeun awewe.
  3. Haram nganggo seuseungitan pikeun lalaki jeung awewe.
  4. Haram nganggo lisah, lisah naon bae kana rambut, rambut naon bae pikeun lalaki jeung awewe.
  5. Haram ngaganggu buburonan pikeun lalaki jeung awewe.
  6. Haram akad nikah  pikeun lalaki jeung awewe.
  7. Haram zima pikeun lalaki jeung awewe.
  8. Haram mukodimah zima pikeun lalaki jeung awewe.
  9. Haram ngilangkeun rambut pikeun lalaki jeung awewe.
  10. Haram ngilangkeun kuku pikeun lalaki jeung awewe.

-          Jadi di mana-mana urang ninggalkeun kana kawajiban Haji salah sahijina, atawa urang keur Ihrom ngarumpak kana salah sahiji paharaman-paharaman Ihrom, mangka sah Ihromna, jadi Hajina ngan wajib mayar DAM .
-          Kajaba ku ZIMA, etamah batal Ihromna teu jadi Hajina ngan wajib kudu di sampurnakeun Ihromna, sareng wajib di kodoan dina tahun hareup, sareng deui wajib mayar DAM, nyaeta DAM na di ngaranan “DAM MUROTAB MU`ADAL” .
-          Ari hartina murotab; ditartibkeun, nyaeta; ulah waka midamel Dam anu ka 2, ka3, ka 4, lamun mampu midamel anu ka 1, jeung kitu keneh saterasna.
-          Ari hartina mu`adal; di bandingkeun/disaruakaeun. anu ka 1, ka 2, ka 3, ka 4.
-          Mangka DAM na wajib meuncit Onta 1. Lamun teu mampuh meuncit onta atawa teu aya onta na, mangka di gantian ku meuncit Sapi 1, jeung saterasna meuncit Domba 7, teras ku beas sahargaeun Hiji Onta, teras kupuasa sabing-bilangan beas sa Mud sa poe

VI. ARI WAJIBNA THOWAF ETA AYA SAPULUH (10) RUPI, Nyaeta;

1.      Kudu nutupan aurat
2.      Kudu Suci tina najis
3.      Kudu Suci tina hadast leutik jeung hadast gede
4.      Kudu ngencakeun ka`bah
5.      Kudu 7 kurilingan anu yakin
6.      Kudu ngawitan tina ajar aswad, kayaning tak-tak kenca teh kudu lempeng  kana hajar aswad
7.      Kudu jeroeun masjidil haram
8.      Kudu niat Thowaf, lamun Thowafna lain Thowaf haji, lain Thowaf umroh, missal; T. qudum, T. wida,T. sunat
9.      Kudu luareun ka`bah, luareun sadarwan, luareun hijir ismail
10.  Ulah aya shorif. (anu mengokeun tina Thowaf)

VII. ARI WAJIBNA SA`I ETA AYA LIMA (5) RUPI, Nyaeta;

1.      Kudu ngawitan tina shafa
2.      Nga-akhirkeun di marwah
3.      Kudu 7 balikan anu yakin
4.      Heunteu kaluar tina pangsa`ian
5.      Kudu tos Thowaf anu syah



VIII. WAKTU-WAKTU DINA MANASIK HAJI, Nyaeta;
1.      Ari waktuna Ihrom Haji, nyaeta; ngawitan tanggal 1 bulan syawal nepika tanggal 9 bulan haji. Jadi lilana waktu Ihrom haji teh, 2 bulan 9 poe.
2.      Ari waktuna Wukuf di ‘Arafah, nyaeta; ngawitan mengok panon poe, tanggal 9 bulan haji nepika bijil pajar tanggal 10 bulan haji. Jadi lilana waktu Wukuf di ‘Arafah teh satengah poe sapeuting.
3.      Ari waktuna Nginep di Mudzalifah teh, ngawitan tengah peuting tanggal 10 bulan Haji nepika bijil fajar tanggal 10 bulan Haji. Jadi lilana waktu Nginep di Mudzalifah teh setengah peuting.
4.      Ari waktuna Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah, nyaeta; ngawitan tengah peuting tanggal 10 bulan Haji nepika surup panon poe tanggal 10 bulan Haji. Jadi lilana waktu Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah teh satengah peuting sapoe. Ngan dimana-mana heunteu kaburu Ngabalang Zumrotul ‘Aqobqh dina wengian lebaran/atawa poean lebaran, mangka eta meunang Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah dipidamel dina wengian atawa poean tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, bari eta teh hukumannana Ada lain Qodo.
5.      Ari waktuna Nginep di Mina, ngawitan surup panon poe tanggal 10 bulan Haji nepi ka bijil pajar tanggal 11 bulan Haji. Nya kitu deui anu tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, lamun nafarna nafar sani.
6.      Ari waktuna Thowaf Ifadoh, nyaeta; ngawitan bubar di ‘Arafah, nepika satutup umur urang.
7.      Ari waktuna Dicukur, ngawitan bubar di ‘Arafah nepika satutup umur.
8.      Ari waktuna Sa`i teh nyaeta; ngawitan saba`da Thowaf Ifadoh, lamun can dipidamel saba`da Thowaf Qudum, nepika satutup umur urang.
9.      Ari wajibna Wukuf di ‘Arafah, nyaeta; sakadar cicing di ‘Arafah dina waktuna, sanajan bari ngaliwat.
10.  Ari wajibna Nginep di Muzdalifah, nyaeta; sakadar cicing di Muzdalifah dina waktuna sanajan bari ngaliwat.
11.  Ari wajibana Nginep di Mina, nyaeta; satengah peuting leuwih (ma`domil lail) atawa 6 jam leuwih, tina tiap-tiap weungian tasrek.

IX. ARI PELAKSANAAN RUKUN HAJI Jeng WAJIB HAJINA, Nyaeta;
Ngawitan Ihrom dimiqot, nyaeta, Niat, pokna;“NAWAETUL HAJJA WA AHROMTU BIHI ALLOHUMA YASIR HU LI WATAQOBAL HU MINNI “, sa-atosna ngalakukeun Ihrom tuluy berangkat katanah haram, sa-atosna berangkat katanah haram, tuluy muru ka Masjidil Harram, tuluy Thowaf Qudum lamun Ihromna Ihrom Haji, atawa Thowaf Umroh lamun Ihromna Ihrom Umroh.
Dihukumanana Thowaf Qudum eta wajib kasakur-sakur jalmi anu katanah haram, lain wajib Haji. Saba`da Thowaf Qudum, meunang Sa`i rukun Haji atawa tong waka Sa`i nunggu bae waktu Wukuf di ‘Arafah. Dimana geus datang waktu Wukuf di ‘Arafah, tuluy ka padang ‘Arafah. Atawa saba`da Thowaf jeung Sa`i, tuluy nuju ka-‘Arafah, bubar ti ‘Arafah tuluy ka Muzdalifah, saba`da di Muzdalifah tuluy Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah. Tuluy Thowaf Ifadoh jeung Sa`i na tuluy Dicukur. Jeung dimana-mana geus migawe 2 diantara tina anu 3 mangka eta dingaranan THAHALUL AWAL, dimana-mana geus migawe tiluanana, mangka eta dingaranan THAHALUL SANI.
Anu tilu teh nyaeta; 1. Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah, 2. Thowaf jeung Sa`i na, 3. Dicukur
Tahalul awal teh kayaning;
~Dimana-mana migawe;         1. Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah
2. Thowaf jeung Sa`i na
~Dimana-mana migawe;         1. Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah
2. Dicukur


Tidak ada komentar:

Posting Komentar