MANASIK HAJI
(SILAHKAN
DI FOTOCOPY RIDHO LILLAHI TA’ALA)
MU`ALIF;
KH. MUHAMAD ( AMA BATU KURUNG CIANJUR )
PENULIS;
HM. SUKARNO
I. ARI HAJI ETA AYA TILU
(3) RUPI, Nyaeta;
1.
Haji
Ifrod
2.
Haji
Qiron
3.
Haji
Tamattu
~Ari ngaran Haji Ifrod, nyaeta; mayunkeun Haji, mungkurkeun
Umroh.
~Ari ngaran Haji Qiron, nyaeta; nyarengkeun Haji
sareng Umroh.
~Ari ngaran Haji Tamattu, nyaeta; mayunkeun Umroh
mungkurkeun Haji.
Ngan ari Haji Qiron sareng Haji Tamattu mah, eta wajib
kudu mayar DAM. DAM na, DAM tarkul mikot, nyaeta; DAM na di ngaranan DAM
Murotab Mukodar. Mangka DAM na wajib meuncit DOMBA hiji anu cukup di pake
Qurban. lamun teu mampuh meuncit domba, atawa teu aya dombana, mangka di
gantian ku puasa 10 poe, anu 3 poe puasa di mekah bari ngala Haji, anu 7 poe
puasa di imah lamun tos balik ka imah,
teu kenging tuluy-tuluy.
Kajaba lamun Ihrom Haji na balik deui kana mikot anu di anggo Ihrom
Umroh tadi, atawa balik deui kana mikot afaqi mana wae salian ti mikot Umroh,
eta mah teu wajib DAM .
II.
ARI RUKUN HAJI ETA AYA GENEP (6) RUPI, Nyaeta;
1.
Ihrom, yakni; niat. pokna “ NAWAETUL HAJJA WA AHROMTU BIHI “
2.
Wukuf
di ‘Arafah yakni; cicing di ‘Arafah dina waktuna
sok sanajan bari ngaliwat
3.
Thowaf, nyaeta; ngurilingan Ka`bah 7 balikan anu yakin .
4.
Sa`i, nyaeta; leumpang (lari kecil) di antara bukit Shafa jeung Marwah 7
balikan anu yakin.
5.
Di
Cukur, nyaeta; ngagunting rambut paling sa-eutik 3
lembar
6.
Tartib
fi ma`domil arkan. (tegesna tartib tina gegedena
rukun )
-
Kayaning;
mayunkeun Ihrom, mungkurkeun anu opat, nyaeta: Wukuf di A’rafah, Thowaf, Sa’i,
Di Cukur.
-
Manyunkeun
Wukuf di ‘Arafah, mungkurkeun anu tilu, nyaeta: Thowaf, Sa’i, Di Cukur.
-
Anapon ari
anu tilumah, nyaeta: Thowaf, Sa’i, Di Cukur, etamah heunteu wajib tartib.
-
Malah ari
Sa`i mah kenging di pidamel sa memeh Wukuf di ‘Arafah saba`da Thowaf qudum..
-
Nya kitu
deui Thowaf sareng di Cukur kenging midamel Di Cukur heula, tuluy Thowaf.
III.
ARI RUKUN UMROH ETA AYA LIMA (5) RUPI, Nyaeta;
1.
Ihrom, yakni niat, pok na “Nawaetul Umrota wa ahromtu biha“ seja
kaula ngala Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Umroh nyaeta; ngajauhan tina;
paharaman–paharaman Umroh .
2.
Thowaf .
3.
Sa`i,
4.
Di
cukur .
5.
Tartib
dina sakabeh rukun. Kayaning mayunkeun Ihrom,
sa-atosna Ihrom tuluy TThowaf, sa-atosna Thowaf tuluy Sa`i, sa-atosna Sa`i
tuluy Di Cukur, tah eta teh di ngaranan tartib .
IV. ARI IHROM ETA AYA LIMA
(5) RUPI, Nyaeta;
- Ihrom Haji, pok na “Nawaetul hajja wa ahromtu bihi“ seja
kaula ngala Haji sareng ngalaksanakeun Ihromna Haji, nyaeta ngajauhan tina
paharaman-paharaman Haji.
- Ihrom Haji Qiron, pokna “Nawaetul hajja wal umrota wa ahromtu bihima“ seja kaula ngala Haji
sareng Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Haji jeung Umroh, nyaeta
ngajauhan tina paharaman–paharaman Haji sareng ngajauhan tina
paharaman-paharaman Umroh.
- Ihrom Umroh. poka “Nawaetul umrota wa ahromtu biha“ seja
kaula ngala Umroh sareng ngalaksanakeun Ihromna Umroh, nyaeta; ngajauhan
tina pahraman-paharaman Umroh.
- Ihrom Tasbih, pokna “AHROMTU KA IHROMI JAEDIN“ Ihrom kaula
secara Ihromna kijaed.
- Ihrom Mutlak. pokna “AHROMTU
IHROMAN MUTLAKON“ Ihrom kaula ku ihrom mutlak.
Ngan ari Ihrom mutlak mah dimana mana
tos dugi ka tanah suci, urang ulah waka midamel Thowaf sehingga kudu di
tangtukeun heula Ihrom urangna. Ima bade di jieun Ihrom Haji tuluy Thowaf qudum, saba`da Thowaf qudum, kenging midamel
Sa`i rukun Haji. atawa di pidamel Ihrom Umroh, tuluy Thowaf
Umroh, Sa`i Umroh, Di Cukur Umroh tuluy tahalul.
V.
ARI WAJIB HAJI ETA AYA GENEP (6) RUPI, Nyaeta;
- Ihrom tina mikot. Jadi dimana-mana Ihrom tos ngalangkung tina mikot, mangka sah
Ihromna jadi Hajina ngan wajib mayar DAM. ku sabab tinggal kana kawajiban
Haji. DAM na, DAM tarkul mikot, nyaeta; DAM na di ngaranan DAM Murotab
Mukodar. Mangka DAM na wajib meuncit DOMBA hiji anu cukup di pake Qurban.
lamun teu mampuh meuncit domba, atawa teu aya dombana, mangka di gantian
ku puasa 10 poe, anu 3 poe puasa di mekah bari ngala Haji, anu 7 poe puasa
di imah lamun tos balik ka imah,
teu kenging tuluy-tuluy.
- Nginap di Muzdalifah dina wengian lebaran. Jadi dimana-mana heunte ngawengi di
Muzdalifah dina wengian lebaran, mangka syah Ihromna, jadi Hajina, ngan
wajib kudu mayar Dam kusabab tinggal kana kewajiban haji. Dam na dam
Tarofuh bi tarkil wujub, mangka Dam na dingaranan Dam Muhoyar Mukodar.
- Ngabalang zumrotul aqobah dina wengian atawa poean lebaran. Jadi dimana-mana heunte
Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah dina wengian atawa poean lebaran, mangka syah
Ihromna, jadi Hajina, ngan wajib kudu mayar Dam, kusasab tinggal kana
kewajiban haji. Ngan dimana-mana heunteu kaburu Ngabalang Zumrotul ‘Aqobqh
dina wengian lebaran/atawa poean lebaran, mangka eta meunang Ngabalang
Zumrotul ‘Aqobah dipidamel dina wengian atawa poean tasrek ka 1, tasrek ka
2, tasrek ka 3, bari eta teh hukumannana Ada lain Qodo.
- Nginap di Mina, dina wengian tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, lamun
nafarna nafar sani. atawa dina wengian tasrek ka 1, tasrek ka 2, lamun
nafarna nafar awal.
- Ngabalang zumroh anu tilu, nyaeta; 1.
zumrotul ula,
2. zumrotul
wusto,
3. zumrotul a`qobah
Dina poean tasrek ka 1, tasrek ka
2, tasrek ka 3, lamun nafarna nafar sani, atawa dina poean tasrek ka 1, tasrek
ka 2, lamun nafarna nafar awal .
6.
Ngaraksa
tina paharaman–paharaman Ihrom.
Ari paharaman-paharaman ihrom eta aya sapuluh (10) rupi, Nyaeta;
- Haram nganggo anu nyarung pikeun
lalaki, haram nganggo sarung tangan pikeun awewe .
- Haram nutup sirah pikeun lalaki,
haram nutup beungeut pikeun awewe.
- Haram nganggo seuseungitan pikeun
lalaki jeung awewe.
- Haram nganggo lisah, lisah naon
bae kana rambut, rambut naon bae pikeun lalaki jeung awewe.
- Haram ngaganggu buburonan pikeun
lalaki jeung awewe.
- Haram akad nikah pikeun lalaki jeung awewe.
- Haram zima pikeun lalaki jeung
awewe.
- Haram mukodimah zima pikeun lalaki
jeung awewe.
- Haram ngilangkeun rambut pikeun
lalaki jeung awewe.
- Haram ngilangkeun kuku pikeun
lalaki jeung awewe.
-
Jadi di
mana-mana urang ninggalkeun kana kawajiban Haji salah sahijina, atawa urang
keur Ihrom ngarumpak kana salah sahiji paharaman-paharaman Ihrom, mangka sah
Ihromna, jadi Hajina ngan wajib mayar DAM .
-
Kajaba ku
ZIMA, etamah batal Ihromna teu jadi Hajina ngan wajib kudu di sampurnakeun
Ihromna, sareng wajib di kodoan dina tahun hareup, sareng deui wajib mayar DAM,
nyaeta DAM na di ngaranan “DAM MUROTAB MU`ADAL” .
-
Ari
hartina murotab; ditartibkeun, nyaeta; ulah waka midamel Dam anu ka 2, ka3, ka
4, lamun mampu midamel anu ka 1, jeung kitu keneh saterasna.
-
Ari
hartina mu`adal; di bandingkeun/disaruakaeun. anu ka 1, ka 2, ka 3, ka 4.
-
Mangka DAM
na wajib meuncit Onta 1. Lamun teu mampuh meuncit onta atawa teu aya
onta na, mangka di gantian ku meuncit Sapi 1, jeung saterasna meuncit Domba
7, teras ku beas sahargaeun Hiji Onta, teras kupuasa sabing-bilangan
beas sa Mud sa poe
VI. ARI WAJIBNA THOWAF ETA
AYA SAPULUH (10) RUPI, Nyaeta;
1.
Kudu
nutupan aurat
2.
Kudu Suci
tina najis
3.
Kudu Suci
tina hadast leutik jeung hadast gede
4.
Kudu
ngencakeun ka`bah
5.
Kudu 7
kurilingan anu yakin
6.
Kudu
ngawitan tina ajar aswad, kayaning tak-tak kenca teh kudu lempeng kana hajar aswad
7.
Kudu
jeroeun masjidil haram
8.
Kudu niat Thowaf,
lamun Thowafna lain Thowaf haji, lain Thowaf umroh, missal; T. qudum, T.
wida,T. sunat
9.
Kudu
luareun ka`bah, luareun sadarwan, luareun hijir ismail
10.
Ulah aya
shorif. (anu mengokeun tina Thowaf)
VII. ARI WAJIBNA SA`I ETA
AYA LIMA (5) RUPI, Nyaeta;
1.
Kudu
ngawitan tina shafa
2.
Nga-akhirkeun
di marwah
3.
Kudu 7
balikan anu yakin
4.
Heunteu
kaluar tina pangsa`ian
5.
Kudu tos Thowaf
anu syah
VIII. WAKTU-WAKTU DINA
MANASIK HAJI, Nyaeta;
1.
Ari
waktuna Ihrom Haji, nyaeta; ngawitan tanggal 1 bulan syawal nepika tanggal 9
bulan haji. Jadi lilana waktu Ihrom haji teh, 2 bulan 9 poe.
2.
Ari
waktuna Wukuf di ‘Arafah, nyaeta; ngawitan mengok panon poe, tanggal 9 bulan
haji nepika bijil pajar tanggal 10 bulan haji. Jadi lilana waktu Wukuf di
‘Arafah teh satengah poe sapeuting.
3.
Ari
waktuna Nginep di Mudzalifah teh, ngawitan tengah peuting tanggal 10 bulan Haji
nepika bijil fajar tanggal 10 bulan Haji. Jadi lilana waktu Nginep di
Mudzalifah teh setengah peuting.
4.
Ari
waktuna Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah, nyaeta; ngawitan tengah peuting tanggal 10
bulan Haji nepika surup panon poe tanggal 10 bulan Haji. Jadi lilana waktu
Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah teh satengah peuting sapoe. Ngan dimana-mana heunteu
kaburu Ngabalang Zumrotul ‘Aqobqh dina wengian lebaran/atawa poean lebaran,
mangka eta meunang Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah dipidamel dina wengian atawa
poean tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek ka 3, bari eta teh hukumannana Ada
lain Qodo.
5.
Ari
waktuna Nginep di Mina, ngawitan surup panon poe tanggal 10 bulan Haji nepi ka
bijil pajar tanggal 11 bulan Haji. Nya kitu deui anu tasrek ka 1, tasrek ka 2, tasrek
ka 3, lamun nafarna nafar sani.
6.
Ari
waktuna Thowaf Ifadoh, nyaeta; ngawitan bubar di ‘Arafah, nepika satutup umur
urang.
7.
Ari
waktuna Dicukur, ngawitan bubar di ‘Arafah nepika satutup umur.
8.
Ari
waktuna Sa`i teh nyaeta; ngawitan saba`da Thowaf Ifadoh, lamun can dipidamel
saba`da Thowaf Qudum, nepika satutup umur urang.
9.
Ari
wajibna Wukuf di ‘Arafah, nyaeta; sakadar cicing di ‘Arafah dina waktuna,
sanajan bari ngaliwat.
10.
Ari
wajibna Nginep di Muzdalifah, nyaeta; sakadar cicing di Muzdalifah dina waktuna
sanajan bari ngaliwat.
11.
Ari
wajibana Nginep di Mina, nyaeta; satengah peuting leuwih (ma`domil lail) atawa
6 jam leuwih, tina tiap-tiap weungian tasrek.
IX. ARI PELAKSANAAN RUKUN
HAJI Jeng WAJIB HAJINA, Nyaeta;
Ngawitan Ihrom dimiqot, nyaeta, Niat,
pokna;“NAWAETUL HAJJA WA AHROMTU BIHI ALLOHUMA YASIR HU LI WATAQOBAL HU MINNI
“, sa-atosna ngalakukeun Ihrom tuluy berangkat katanah haram, sa-atosna
berangkat katanah haram, tuluy muru ka Masjidil Harram, tuluy Thowaf
Qudum lamun Ihromna Ihrom Haji, atawa Thowaf Umroh lamun Ihromna Ihrom
Umroh.
Dihukumanana Thowaf Qudum eta wajib kasakur-sakur jalmi anu
katanah haram, lain wajib Haji. Saba`da Thowaf Qudum, meunang Sa`i
rukun Haji atawa tong waka Sa`i nunggu bae waktu Wukuf di ‘Arafah.
Dimana geus datang waktu Wukuf di ‘Arafah, tuluy ka padang ‘Arafah. Atawa
saba`da Thowaf jeung Sa`i, tuluy nuju ka-‘Arafah, bubar ti ‘Arafah tuluy
ka Muzdalifah, saba`da di Muzdalifah tuluy Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah.
Tuluy Thowaf Ifadoh jeung Sa`i na tuluy Dicukur. Jeung
dimana-mana geus migawe 2 diantara tina anu 3 mangka eta dingaranan THAHALUL
AWAL, dimana-mana geus migawe tiluanana, mangka eta dingaranan THAHALUL SANI.
Anu tilu teh nyaeta; 1. Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah, 2. Thowaf jeung Sa`i na, 3. Dicukur
Tahalul awal teh kayaning;
~Dimana-mana migawe; 1.
Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah
2. Thowaf jeung Sa`i na
~Dimana-mana migawe; 1.
Ngabalang Zumrotul ‘Aqobah
2. Dicukur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar